Karawang.-Berikut adalah  petikan nasehat dari seseorang yang pernah di terima narasumber PEKA sewaktu berada di Makam Raden Adipati Singaperbanga pada bulan Mulud tahun lalu.(23/08/2014).

Menurut narasumber di Makam Manggung Jaya,"Orang bersangkutan datang dan bermalam di lokasi namun sayang sang kakek tak pernah nampak kembali hingga kini.Sang kakek itu bermalam pada malam 17 Mulud tahun lalu", katanya.

Kutipan ini bukan satu bentuk rekayasa penulis melainkan didapatinya pun tanpa sengaja dari narasumber yang aneh.Mungkin saja dengan di muatnya tulisan ini ada manfaat untuk kemajuan Kabupaten Karawang kedepan,dan mohon maaf jika dalam penulisan ada yang salah karena dalam penulisan ucapan memakai bahasa sunda yang jarang di pakai oleh publik Karawang .

Ini isinya:Cing palaputra Pangkal Perjuangan gerakeun hatena supados mikaheman ka papadakula na.Ku silih asah,silih asuh tur silih asih dina ngawangun nagara salaksana saraga nu di pi kadeudeuh sarerea.Karawang ngadeg sanes laladangan margina dina sajarah nyaritakeun Raden Singaperbangsa jeng Raden Wirasaba  tur parakaula nu sanes na ngurbankeun dug toh pati jiwa raga tur sagala  nu jadi milikna.Aya paribasa eta para punggawa asal Karajan Mataram cul dogdog tinggal igeul,tandang-tanding makalangan teu milih saha tandingana,teu mundur salengkah tina medan jurit jeng bebela rumangsa bubuka ieu wewengkon.Ku kitu na awaking sing salabar tur tawakal nu jadi totonden tos aya,bakal karasa tur katara nyaeta hiji wanci mun tos aya pupuhu dayeuh ilang tanpa karana atawa ngalaman sanasib jeng luluhurna(R.Singaperbangsa&R.Wirasaba atau Raja jeng Patih na,red),maka hade sing caringcing pageuh kancing caringcet pageuh iket,tur utamana kahade niat dina ati sing beuhbar,bersihkeun rereged diri,tangtungkeun harkat jeng darajat,ulah gedag ku angin puyuh lilibungan (marabahaya nu tumiba teu disangka-sangka,red)tur pageuhan omat nu disebut iman jeng Islam.

Demikian pesan seorang kakek  berjenggot putih yang diterima oleh narasumber PEKA satu tahun yang lalu.Kemudian yang bersangkutan meminta kepada penulis jangan sampai mempublikasikan nama,alamat atau pun ciri-ciri sang kakak termasuk dirinya sendiri.#narsumber.