Karawang-.PELITAKARAWANG.COM-. Cenah, ceuk beja yen basa teh ciciren bangsa, mibanda harti yen basa nu dipake bisa netelakeun ti mana asal – usulna eta jalma.  Lian ti eta basa  bisa mertelakeun luhur handapna ajen inajen pikeun nu ngagunakeun eta basa. Kulantaran kitu sepuh urang sok ngawurukan, kieu pokna;” Ari jadi jelema sing hade tata sing hade basa”, malah sok aya nu nyebutkeun kieu,” Ari jadi jelema kudu hade gogog hade tagog”.(17/11/2013).

Cindekna eta piwuruk taya lian sangkan urang pinanggih jeung kalulusan, lulus banglus taya kuciwana jeung kaberkahan, sajeroning campur jeung papada kaula, ku jalan metakeun anggah ungguh badan , metakeun anggah ungguh basa jeung metakeun anggah ungguh dangdanan nu merenah. Pikeun urang Sunda bisa metakeun anggah - ungguh badan, anggah-ungguh basa jeung anggah-ungguh dangdanan nu merenah kaasup jalma nu mibanda Tatakrama hade 
Tetela, wanci teh gilir –gumanti, teu angger dina hiji kaayaan, keuna kana papatah Latin, “ Tempora mutamur es nos mutamur in illis”  hartina  alam teh robah, manusa oge milu robah kaasup basana.  Upama urang nitenan kayaan jaman ayeuna, loba urang Sunda nu teu wanoh jeung basana sorangan. Keun  ulah waka dititenan anggah-ungguh atawa undak usuk jeung lentong basana. Urang titenan kecap-kecapna wae heula,  loba keneh urang Sunda upama nyarita basa Sunda sok direumbeuy jeung basa sejen. Jeung deui manehna teu boga rumasa yen eta kecap teh,  lain kecap basa Sunda,  komo upama dititenan undak usuk basa, jeung lentongna mah, teu merenah,  natrat dina hirup kumbuh sapopoe urang Sunda. Conto basa Sunda nu direumbeuy jeung basa Indonesia padahal aya kecap Sundana;
1.      Ayeuna tos ampir di saban kampung aya masigit. ( ampir sundana meh )
2.      Pa Anu maot, kaserang panyakit jantung kaserang panyakit jantung sundana katerap kasakit jajantung )
3.      Anak manehna nu paling gede ( paling gede sundana panggedena )
4.      Eta budak lucu pisan nari Sunda ( nari sundana ibing )
5.      Di kota mah rea tempat hiburan hiburan sundana panglipur, panglejar )
6.      Pa Guru ngadongeng tapi  teu menarik menarik sundana pikaresepeun )
7.      Kuring indit ka Bandung naek beus, ( naek beus sundana tumpak beus )
8.      Bu camat nganggo cincin emas .( cincin sundana ali, lelepen ),
9.      Istri pa Lurah nuju biantara. ( Istri sundana garwa, geureuha ), jsbna
Naha teu meunang basa Sunda direumbeuy ku basa sejen ? Lain teu meunang basa Sunda dicampur jeung basa sejen lamun tujuanana pikeun nambahan kajembaran jeung kabeungharan basa, mibanda harti upama teu aya basa Sundana prak gunakeun basa sejen. Saenyana geus loba kecap-kecap tina basa sejen nu geus jadi basa Sunda, kayaning ti basa Sangsakerta, basa Jawa Kuna, basa Arab jeung sajaban. Ngan, satungtung aya keneh basa Sundana prak gunakeun basa Sunda, lantaran  upama kecap-kecap  basa Sunda nu dumuk geus aya diganti ku kecap-kecap  basa sejen, lila-lila basa Sunda  leungit , tilem ka giles ku basa sejen.  Pon kitu deui upama basa sejen nu geus matok teu bisa diganti ku basa Sunda contona; rumah sakit, ulah diganti jadi imah gering atawa bumi teu damang. Rumah makan ulah diganti jadi imah dahar atawa bumi tuang, jeung rea-rea deui.
Conto-conto  basa Sunda nu teu merenah undak-usukna , nu ilahar kapanggih sapopoena dina gunem catur basa Sunda;
1.      “Acara bade dikawitan, margi Pa Camat parantos dongkap”, ceuk panatacalagara. Dina kalimah ieu ( dongkap merenahna  sumping )
2.      “Punten Pa, buku catetan kakantun di bumi abdi”, ceuk guru ka pupuhu sakola. Dina kalimah ieu ( di bumi merenahna  di rorompok )
3.      Abdi mah parantos tuang tadi di rorompok. Dina kalimah ieu ( tuang merenahna neda )
4.      Pa Camat nuju angkat sareng bojona. Dina kalimah ieu ( bojona merenahna garwana atawa geureuhana )
5.      Nembe abdi ngagaleuh buku tulis ti Indomart. Dina kalimah ieu ( ngagaleuh merenahna meuli atawa meser ) , jeung rea-rea deui conto-conto sejenna.
Aya deui gunem catur jalma sawawa  nu make basa budak, contona ;
1.      Antos sakedapnya, abdi bade ibak heula
2.      Duh tos teu kiat hoyong pipis
3.      Panas kacida nongtorengna, tikoro karaos hanaang hoyong eueut
4.      Padaharan lapar karaos kukurubukan hoyong emam
5.      Panon meni asa lengket tunduh , hoyong obo, jsbna.
Sual merenah jeung teu merenahna ngagunakeun basa Sunda sakumaha conto-conto nu ka unggel di luhur, keun bae urang kajeunkeun, mangga nyanggakeun ka para ahlina, pikeun ngabebenerna. Naon atuh  cukang lantaran nu ngabalukarkeun urang Sunda teu wanoh ka basana sorangan ? Nyarande kana kanyataan jaman ayeuna nu kapanggih natrat dina kahirupan sapopoe, loba urang Sunda ( teu sadayana ).  Nu kurang malire kana basana sorangan , upamana wae;
1.      Indung bapana pituin urang sunda, tapis nyarita ku basa sunda, tapi gunem catur jeung anakna make basa Indonesia. Atuh anakna teu bisaeun basa sunda.
2.      Hotib pituin urang Sunda, hutbahna make basa Indonesia, padahal jamaahna oge urang Sunda, 
3.      Dina gempungan nyawalakeun pasualan  nagri, para gegeden jeung para inohong pamarentah di tatar Sunda langka nu ngagunakeun basa Sunda, alesanana karagok cenah.
4.      Aya sakola nu ngajarkeun basa Sunda ukur tamba henteu teuing, buktina loba guru nu nyebutkeun teu bisa ngajar basa Sunda padahal manehna pituin urang Sunda. Lian ti eta nu diajarkeun disakola lolobana ukur palangeran basa wungkul,  saeutik nu ngatik paguneman , biantara , atawa nulis make basa sunda.
Upama urang maluruh sajarah, sakumaha katerangan nu kaunggel dina tulisan kenging HR.Ading Affandi  ( 1992 ).  Jaman dijajah ku Walanda di nagri urang aya tilu rupa sakola dasar jaman harita, nyaeta;

Kahiji, sakola nu disebut  “ Eurropese Lagere School” , ieu sakola disadiakeun pikeun urang Walanda wungkul jeung nu dianggap Walanda. Di sakola ieu teu aya pangajaran basa Sunda atawa Tatakrama Sunda.

Kadua , sakola nu disebut “Hollands Inlandse School”  ( HIS ) , ieu sakola disadiakeun pikeun bangsa urang ( pribumi ) nu baleunghar wungkul , diajarna make dasar pangajaran Walanda. Di ieu sakola diajarkeun Tatakrama jeung Basa Sunda tapi ngan saukur dina pangajaran basa Sunda ( Landstaal ) .

 Lolobana pangajaran ngawengku; alam pikiran murid dianteurkeun kana alam pamikiran Walanda, sikepna oge sikep urang eropa, contona; ngacung make curuk leungeun katuhu, nuduhkeun oge make curuk katuhu keneh, sasalaman ukur ngasongkeun leungeun sabeulah, ngomong ngoncrang dina sikep ajeg ka guru jeung bebas dina anggah-ungguh, malah ngedalkeun salam oge kudu make basa Walanda “geode morgen” ( wilujeng enjing ).  Cindekna di “Hollands Inlandse School”( HIS ) tatakrama Sunda diapilainkeun atawa ditinggalkeun teu dipake.

Katilu, sakola nu disebut Vervolg School ( Sakola Kelas 2 atawa sakola kelas 3  ), ieu sakola pikeun bangsa urang (pribumi ), nu mariskin. Di ieu sakola sapopoe sagemblengna  make Tatakrama Sunda. Ka guru nyebut “juragan”, ngacung make jempol leungeun katuhu, nunjuk make jempol leungeun katuhu, nyarita sorana teu ngoncrang kudu lentong, diuk dina bangku henteu nyarande jeung henteu naleukeum kana meja. Sikep badan kudu make anggah-ungguh.

Sigana, warisan titinggal jaman dijajah ku Walanda nu diebrehkeun di luhur , masih keneh ngait dina pikir, sumela dina bayah, nyangkaruk dina jajatung sawareh  urang Sunda. Lantaran jaman harita pang-pangna barudak HIS kaluhur ka barudak vervolg nyebutna majarkeun make “ tatakrama dusun” 
.
Pikeun mageuhan Tatakrama Sunda sangkan henteu leungit di sarakanana, kota Bandung geus ngaluarkeun aturan daerah Nomber 09 taun 2012 ngeunaan “Penggunaan Pemeliharaan dan Pengembangan Bahasa, Sastra dan Aksara Sunda” . Dina eta aturan geus dijentrekeun yen unggal poe Rebo kudu make basa Sunda di santero kota Bandung, ihtiar hade bisa di conto ku kabupaten/kota sejen di satatar Sunda. Sugan ku jalan kitu urang Sunda beuki wanoh ka basana sorangan.

Ngan ceuk pamanggih sim kuring aturan teh kurang lengkep keneh, naha dangdanan ( busana ) adat sundana teu diasupkeun kana eta aturan, naha teu penting ? 

Budaya Sunda bakal leuwih anteb natrat katempo jeung karasa kapibanda ku urang Sunda, upama urang Sunda make Tatakrama Sunda,  anggah-ungguh basa, anggah-ungguh badan, katut anggah –ungguh dangdanana adat sunda. 

  ( H.Bay.S )

@Redaksi 2013 E Mail : pelitakarawang@gmail.com - redaksipelitakarawang1@gmail.com