Hari ini
Cuaca 0oC
Headline News :

KA ULINAN URANG PRIANGAN...

KARAWANG,PELITA-.
Di jaman baheula sering kuring ngadangu berbagai permainan jadul ceuk barudak ayeuna.margi ayeuna geus seer rupa-rupa permainan anu moderen,utamina playstasion cek batur mah.sehingga permainan anu ngadidik di popohokeun ku barudak ayena.mangga dulur urang hirupkeun deui permainan ieu salaku tanggung jawab urang sunda sadaya,dina ngamumule budaya daerah tur bangsa.ayeuna kukuring rek dipedar babaraha permaian baheula anu ampir sirna ku jaman.

1.Anjang-anjangan.

ka ulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga,aya jadi bapa, ibu, anak, tatangga,warung,pasar, jsb. Biasa na dilakukeun ku barudak awéwé,tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.

2.Bébénténgan.

ka ulinan anu dipetakeun ku cara silih beunangkeun atawa ditoél,sabari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu,talawéngkar,jsb.

3.Béklen.

ka ulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk.Biasa na dilakukeun di jero imah atawa téras.

4.Boy-Boyan.

Ka ulinan anu maké bal saukuran,bal ténis pikeun malédog

5.Talawéngkar nu ditumpukkeun.Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna ka balédog.

6.Congklak.

Ka ulinan maké papan kai atawa kayu nu di eusi kewuk atawa batu kerikil saukuran jempol indung leungeun.

7.Cacaburang.

ka ulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh,barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.

8.Cingciripit

Kaulinan bari kakawihan.

9.Damdaman.

Ka ulinan anu maké mikir lantaran,butuh stratégi sangkan buah dam teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan.

10.Endog-endogan.

Ka ulinan maké leungeun bari kakawihan.Leungeun di tumpuk bari meureup,nyarupan endog,terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.

11.Empét-Empétan.

Ka ulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jariji.

12.Encrak.

Ka ulinan anu biasana maké sarupaning sisikian,(siki asem, siki tanjung, jsb.)

13.Engklé.

Ka ulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku,nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.

14.Galah Asin.

Ka ulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat,ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui.Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.

15.Gatrik.

Ka ulinan maké awi bébékan anu kudu,di betrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.

16.Gugunungan.

Ka ulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.

17.Hahayaman.

Ka ulinan lobaan anu salah saurangna jadi hayam,saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh sabari lulumpatan,sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu nu séjén anu jadi pager.

18.Jajangkungan.

Ka ulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang

19.Luncat Tali.

Ka ulian ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.

20.Oray-orayan.

Ka ulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.

21.Paciwit-ciwit Lutung.

Ka ulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun,nuturkeun paréntah kawih

22.Pérépét jéngkol.

Ka ulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah,terus puputeran teu meunang leupas.

23.Pelak cau.

Ka ulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy.Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak,ti nu pangtukangna sina leupas.

24.Sérmen.

Ka ulinan peperangan,para balad-balad bari maké pedang anu di jieun biasana,tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél,ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.

25.Sondah.

Ka ulinan ku cara éngklé-éngkléan,make ngaliwatan kalang kotak-kotak.Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.

26.Sorodot Gaplok.

Ampir sarua jeung éngklé,ngan batu na dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun,kana batu séjén anu ditangtungkeun.

27.Ucing-ucingan.
Ka ulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran,di udag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.

28.Ucing Sumput.

Ka ulinan néangan batur,nu nyumput upama saurang jadi ucing.Biasana ucing ngitung heula méré waktu,batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana.TAPI aya rupa-rupa aturan biasa di pake unggal lembur.

Tkitu dulur,mugiya ieu tulisan jadi pangeling eling ku urang sadaya,SALAM BUDAK ANGON KEBO/YH.

Hide Ads Show Ads