Hari ini
Cuaca 0oC
Breaking News

Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari

KARAWANG, - Dua poster nu gambar na sarua, lalaki calik dina batu nyawang hamparan sawah Karawang jeung walungan ngagurilap katempaan panonpoe sore, viral di grup WhatsApp jeung Facebook urang Sunda. Eusi na lain gambar biasa, tapi elmu luhur ti karuhun nu ayeuna loba dipopohokeun.
Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari
Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari

Poster kahiji ngomongkeun soal NYARITA, poster kadua ngomongkeun soal PAMIMPIN. Dua-duana pakait, sabab loba pamimpin ancur ku carita, jeung loba carita ancur ku pamimpin.

BAGIAN KAHIJI: SAHADE HADENA CARITA - UJI 3 GERBANG

Karuhun ngawuruk: "Sahade hadena carita nyaeta nyarita nu bisa ngaliwatan 3 gerbang"

Di jaman TikTok, IG Story, jeung grup WA RT, urang gampang pisan neken tombol kirim. Padahal karuhun geus nitip 3 gerbang nu wajib dilewatan samemeh sungut muka.

Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari
Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari

Gerbang 1: NYATA - Naha Nyarita Perlu?

Tanya heula, perlu kitu diomongkeun? Lamun ngan hayang viral, hayang pansos, hayang ngagorengkeun batur, jawabana pasti TEU PERLU. Loba hate nu nyeri di Karawang gara-gara lisan nu teu perlu.

Gerbang 2: BENER - Naha Nyarita Bener?

Aya buktina? Aya faktana? Ulah ngan "cenah, cenah". Hoax di Karawang sumebar gara-gara loba nu ngomong teu diuji kabeneranana. Lamun teu bener, tutup sungut!

Gerbang 3: HADE - Naha Nyarita Hade?

Ieu nu paling beurat. Sanajan perlu jeung bener, lamun omongan teh bakal nyakitkeun, bakal ngadu domba, bakal ngaruksak, leuwih hade icing (DIAM.) Diamna emas.

Ceuk poster eta: "Mung teu perlu, mung teu bener, mung teu hade, mending ulah nyarita....."Nuhun, sesimpel kitu.

BAGIAN KADUA: MUN HAYANG JADI PAMIMPIN LUHUNG - UJI 3 DARMA

Sanggeus bisa ngajaga lisan, kakara urang pantes jadi pamimpin. Poster kadua ngajawab: "Mun hayang jadi pamimpin luhung ku elmu jembar ku pangabisa, minimal bisa ngaliwatan 3 darma nyaeta:"

Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari

1. DARMA RASA - Sing Bisa Ngarasa Jeung Rumasa

Pamimpin kudu boga hate, lain boga harta hungkul. Bisa ngarasa lapar na rahayat, bisa rumasa lamun janjina teu ditekan. Di Karawang, rahayat teu butuh pamimpin nu pinter pidato, tapi pamimpin nu bisa milu ceurik. Lambangna hate dina dampal leungeun.

2. DARMA RAGA - Sing Bisa Ngajaga Jeung Ngariksa

Awak kudu kuat, mental kudu kuat. Ngajaga lembur tina banjir, ngajaga sawah tina pabrik liar, ngariksa budak ngora tina narkoba. Pamimpin lain tukang ngaruksak alam. Lambangna hiji lalaki ranselan di luhur gunung, siap ngajaga.

3. DARMA RAJA - Sing Bisa Mere Conto Jeung Nyontoan

Ieu puncakna! Raja lain hartina disembah, tapi mere conto. Nyuruh jujur, sorangan kudu jujur. Nyuruh hirup sederhana, sorangan ulah flexing mobil mewah di medsos. Pamimpin nu bener mah leumpangna di hareup, lain nyumput di tukang. Lambangna pamimpin nunjuk ka hareup bari rahayat nuturkeun.

KESIMPULAN: 6 SYARAT NU KUDU DIBARISKEUN

Jadi jelas pisan, karuhun geus mere paket komplit:

Hayang dipikahormat omonganana? Loloskeun 3 Gerbang: Nyata, Bener, Hade.

Hayang dihormat kapamimpinana? Loloskeun 3 Darma: Rasa, Raga, Raja.

Lamun saurang jalma ngomongna teu perlu, teu bener, teu hade, tong didengekeun. Lamun saurang pamimpin teu bisa ngarasa, teu bisa ngajaga, teu bisa mere conto, tong dipilih

Mun Teu Lolos 6 Ieu, Mending Cicing! Filosofi Sunda Pikeun Jaman Medsos Kiwari

Di Karawang nu keur rame persiapan calon pamimpin desa, piwuruk ieu kudu jadi kaca. Ulah milih kusabab baliho na panggede, tapi milih kusabab darma na pangluhung.(JK)

Hide Ads Show Ads