PELITAKARAWANG.COM 
Aya hiji ibu-ibu (urang Medan) keur leleyepan hayangeun sare.
Teu puguh mimitina anakna nanyakeun: "Ma, Ema geus pernah nincak Jakarta?"

pelita Karawang
Gambar Anangs,blog
Si ibu ngajawab "Enggeus Jang"
Si anak nanya deui: "Lamun Bandung?"
Si ibu ngajawab: "Enggeus Ujang.."
Terus si anak nanya deui: "Ari Jogjakarta katincak can ma?"
Si ibu ngajawab: "Atos Jang.."
Teu lila si anak nanya deui: "Lamun Surabaya, Bali, Lombok, Makassar, Papua, Aceh, Pontianak, Pekanbaru, Balikpapan, Manado, Kendari, Pangkal Pinang, Batam, Palangkaraya katincak can ma?"

Bari gigisik si ibu ngajawab: "Geura sare Jang, tinggal sungut sia nu can katincak" 
Kiriman:  Suma Sanjaya.