PELITAKARAWANG.COM 
Murid di SDN Pasirkaliki Rawamerta
Murid di SDN Pasirkaliki Rawamerta
Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot ti Tempuran ka Karawang kota. tina dandan na mah kawas guru SMA da ka tempo rada rebes (beres,red) pangadeg jeng bajuna.diuk na angkot di hareup gigireun supir nu kesem kawas can menang setoran.Bari mapay jalan layapan Tempuran nu rusak,angkotna leumpang.si supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta rada talete.

Supir : "Dupi ibu ngawulang di SMA atanapi tsanawiyah?

Bu Guru : "di SMA Karawang,pak"

Supir : "Ngawulang Seni bu...?"

Bu Guru : "Sanes pa supir"

Supir : "Agami...?"

Bu Guru : "Sanes,memang abdi katingal kawas ustadjah kitu..."

Supir : "Hehe,punteun bu ngawulang naon atuh..?"

Bu Guru : "Ngawulang Matematika....!"

Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.

Bu Guru: Pak kunaon angkot teh ngarayap teuing lempangna kawas  keuyeup.

Supir : mati-matian bu neangan setoran. 
Kiriman ;Usman  ti Pangkalan 

www.pelitakarawang.com